Senin, 20 April 2020



SAJAK

1. Définisi Sajak

Sajak nya éta salah sahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tétéla sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang, saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada seperti dina pupuh atawa sisindiran.


2. Unsur-Unsur Sajak

Sajak téh mangrupa ungkara pikiran,rasa,jeung gagasan pangarang nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Éta pasualan téh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoé, bisa ogé ukur rékacipta pangarang sabada ngaliwatan prosés imajinasi jeung kontémplasi, anu satuluyna dijanggélékkeun dina wangun rakitan basa anu éndah. Éta unsur-unsur diantarana:

   a. Adegan Lahir
       Adegan lahir nya éta unsur fisik sajak disawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, diantarana:

  • Wangun Sajak (Tipografi). Sajak téh ditulisna béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna.
  • Pilihan Kecap (Diksi). Sajak nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna.
  • Citraan (Imaji). Citraan atawa imaji téh nya éta pangaruh kecap ka nu maca sajak.
  • Gaya Basa (Figuratif). Gaya basa dina sajak téh biasa ngabalukarkeun ayana harti konotatif.
  • Purwakanti. Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah.
   b. Adegan Batin
       Adegan batin sajak mah teu katémbong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirasakeun. Carana biasa dibaca sabaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna. Adegan batin ngawengku :

  • Jejer (Sense). Jejer téh pokok pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa téma téh gagasan poko anu rék ditepikeun ku panyajak ka nu maca.
  • Rasa (Feeling). Rasa téh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca.
  • Wirahma (Tone). Nada téh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca.
  • Amanat (Intention). Amanat téh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Hartina urang dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.


3. Wanda Sajak Épik jeung Lirik

    a. Sajak Épik
      Sajak épik téh sajak anu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun. Ku lantaran kitu, sajak épik mah biasana panjang. Ku lantaran sifatna ngalalakonkeun, dina sajak épik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna,jeung kumaha pamustunganana. Conto sajak épik :



Janté Arkidam
Ku : AjipRosidi


Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badan palapah gedang
Arkidam, Janté Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggéng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Janté Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung
Janté raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sosoroting sinar
Jaruji beusi pak gadé milang ku ramona

Ngagisik hayang sidik
Janté mencrong mantri pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika léléwa bikang
Ngabokong jalma keur tibra!”

Arkidam ditalikung leungeun dua
Sorot matana ngentab seuneu
Saméméh beak poé kahiji
Janté minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara

Saméméh cuntuk peuting kahiji
Mantra pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan



    b. Sajak Lirik
       Béda jeung sajak épik anu ngalalakonkeun, sajak lirik mah henteu ngalalakonkeun. Conto sajak lirik :


Do’a
(haturan Pa Oto Iskandar Di Nata)
Ku : Apip Mustopa


Jungjunan
Pangnangkeupkeun éta nyawa
Nu indit taya nu nanya
Taya tapakna di dunya

Angin
Pangusikeun sapangeusi buana
Yén aya sinatria anu perlaya
Di wewengkon langit Sunda
Bulan
Baturan éta nyawa nu ditundung
Di tempat baktina taya nu daék ngajungjung

Hé panonpoé
Geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
Sangkan ieu dada
Sakumna nyawa Sunda
Nyaho boga pahlawan digjaya

Tutugan Gunung Agung, 21 Juni 1958




(Dicutat tina Buku Palanggeran Basa Sunda, pikeun murid SMA/ SMK/ MA/ MAK Kelas X)
(haturan ieu materi pangajaran jarak jauh/PJJ ti Bapa)