Kinanti
Jalma hanteu boga guru,
Teu meunang pituduh leuwih,
Ningali kamana-mana,
Sasar di jalanna pasti,
Lir hayam leungiteun biang,
Hanteu aya nu disungsi (wawacan Ratu Déwi Maléka)
Basa jalan jajahan pinuh ku eurih
Kuring teu boga pakarang keur ngalénglang
Ngan kahayang nu makalangan
Ngan karingrang nu ngarangrangan
Aya pangjurung ti indung nu matak adigung
Aya panitah ti bapa nu matak ngarasa
Ngabadéga salila katiga warsa
Mundut élmu pangaweruh
Nyandak warah jeung winarah
Mugia putra mendak pamuntang
Dina jalan anu loba lungkawing
Mugi Nu murba alam ngamaslahatan
Ka anjeun nu gédé jasa
Kamasan, 3 Juli 2007
Nyaksi
Ka Beurang Nyaksi Ka Peuting
Sampurasun ambu,
Sampurasun ambu sareng apa.
Ti putra seja ngahaturkeun pangnuhun
Kana atikannana
Kana didikannana
Putra baris nyaksi ka beurang
Putri baris nyaksi ka peuting
Najan lénglah teu mapah
Najan peta teu nata
Mugi cipta ngajadi
Kamasan, 7 Juli 2007
Billa Amelia X Otkp 1
BalasHapusSalsa Nabila Tania (X Otkp 3)
BalasHapussalsabila hawa x otkp 1
BalasHapusX OTKP 1 AyuHandini
BalasHapusBintang Pebriane Putri X OTKP 2
BalasHapusFitri mulyani X OTKP 3
BalasHapusSiti Zahra L F X OTKP 3
BalasHapus