WAWACAN
Wangenan
Kecap wawacan asal kecapna tina "waca"
nu hartina "maca" atawa “dibaca”. Wawacan téh mangrupa karya sastra
sampeuran anu wangunna nuturkeun pola patokan pupuh. Eusina ngébréhkeun hiji
gunggungan carita anu ngandung hiji téma. Caritana panjang, sabab diwangun ku
loba palaku anu ngalalakon sarta jalan caritana loba bagianana. Wawacan
kaasup kana wangun fiksi. Nyaéta naon-naon anu dicaritakeun sagemblengna ukur
rékaan atawa imajinasi pangarang. Ku lantaran ngagunakeun patokan pupuh, tangtu dina macakeunana
ogé dihaleuang -keun/ditembangkeun maké lagam pupuH anu 17, kauger ku ku guru lagu, guru wilangan. Seni macakeun
wawacan sok disebut beluk.
Sajarah Asal Muasalna
Nurutkeun sajarahna Wawacan téh asalna ti Jawa
(Mataram), asupna wawacan ka tatar Sunda sabada karajaan-karajaan nu aya di tatar
Sunda kaéréh ku Mataram dina abad ka-17 M, bareng jeung basa Jawa ka wilayah
Jawa Barat, ku pangaruhna kakawasaan Mataram. Saterusna basa Jawa
téh mangrupa basa resmi nu digunakeun ku pamaréntahan mangsa harita, nepikeun
ka pertengahan abad ka-19.
Struktur Wawacan
Nilik kana wangunna, wawacan ngabogaan struktur
saperti
• Manggalasastra (alofon): eusina neda widi
katut muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng
Rosul;
• Eusi: guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat;
• Bagian panutup (kolofon): eusina titimangsa ditulisna éta wawacan
Conto Manggalasastra
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
nu murah ka mahluk kabéh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya éta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
(wawacan Rengganis)
Conto Kolofon
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem Kemis
di tanggal tujuh welasna
kaleresan bulan April
taun Kangjeng Maséhi
saréwu dalapan ratus
jeung genep puluh dua
marengan hijrahna Nabi
saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan
(Wawacan Panji Wulung)
Ciri-Ciri Wawacan
1. Mangrupa karangan narasi (carita)
2. Jalan caritana panjang
3. Kaasup kana wangun karangan ugeran
4. Dianggit maké patokan pupuh
5. Ditepikeunana ditembangkeun (beluk)
6. Parapalakuna umumna jalma linuhung
7. Kanyahoan nu ngarang jeung waktu nulisna
8. Jalan caritana umumna ngandung unsur pamohalan
9. Dipidangkeun di nu hajatan, saperti salametan orok, khitanan, gusaran,
kawinan, jeung salametan sabada panén.
Wawacan nu geus dibukukeun
1.
H.Abdul Salam nulis Wawacan Rengganis
2.
R.Soeriadiredja nulis Wawacan Purnama Alam.
Awal abad ke-20:
1.
R.Memed Satrahadiprawira nulis:Wawacan Enden
Saribano
2.
R.Satjadibrata nulis:Wawacan Sastra-sastri.
3.
Tubagus Djajadilaga nulis:Wawacan Kidung Sunda.
4.
Mas Natawisastra nyadur:Wawacan Bispuradja.
5.
R.H. Boerhan
Kartadiredja nulis:Wawacan Natasungkawa.
6.
M.Kartadimadja nulis Wawacan Jaka
Sundang.
7.
R.Machjar Angga Kusumah Dinata nulis:Wawacan Nalaka
Suraboma
8.
Engka Widjaja nulis:Wawacan Lutung
Kasarung.
9.
Nyi R. Siti Hadidjah nulis:Wawacan Rusiah Nu
Kasep.
10. M.A.Salmun nyadur:Arjuna Wiwaha dina
wangun wawacan dijudulan Mintaraga.
11.
M.Sastradiredja menyadur :Wawacan Damar Wulan jeung Wawacan Prabu
Udayana.
CONTO SEMPALAN WAWACAN
SIMBAR KANCANA
Anggitan : K. Tisnasujana
1.
Sinom méméh manjangkeun carita, dikait dijieun
dangding, medar simpalan sajarah, rék mangun tali paranti, paranti anu gaib, gaib Sunda ti karuhun, panganjén tatakrama, tilawat kanu geus gaib, enya éta amir reujeungna pertobat.
2.
Amitan kanu geus angkat, angkat nilar alam lahir,
lumetang di amalam padang, poé panjang tanpa peuting, rék ngawancah ngawincik, nyaurkeun nuturkeun galur, galur nu ka carita, anu
kasebat kasambit, disuhunkeun kalunturan kalengsaran.
3.
Anu kasebat jenengan, anu kasabit wawangi, nu kakocap
nagarana, kawincik geusanna calik, mugia rido galih, neda gunging cukup lumur,
timbang taraju jembar, sanés nganggit nitih aji, réh babaran sanés lingkaring komara.
4.
Tobat mun seja nyasama, paralun mun mapandi, ngaguyah
anu keur lenggah, ngusik-ngusik anu keur calik, linggih di alam gaib, lumungguh
di pitu agung, tobat teu pisan-pisan, sakadar manggung kaéling, gung paralun neda panjang pangampura.
5.
Caturkeun hiji nagara, pasir wukir loh jinawi, nelah
nagara Talaga, ngaran nepi ka kiwari, nagri ngabanding pasir, ayana tutugan
gunung, suku gunung Ciremay, gunung gede ngajungkiring, kamasyhurkeun nagri
harja gemah ripah.
6.
Teu kakocap peperangan, teu kawarti pupuh junti, ayeum
tentram pangeusina, taya ka siri ka rungsing, pada talibra pikir, lulungna nu
mangku perbu, jembar nu ngasta praja, salawasna répéh rapih, jeung tatangga nagara taya
cangcala.
(Dicutat tina Wawacan Simbar Kancana, Karya K. Tisnasujana, Depdikbud,
1983)
Pancén (jawaban dikirim ka email bapa)
1. Nomer sabaraha waé bagian Manggalasastra & bagian
eusi dina wawacan di luhur?
2. Caritakeun deui,
sempalan Wawacan di luhur maké basa sorangan.