Senin, 04 Mei 2020

BIOGRAFI



BIOGRAFI
Biografi téh sok disebut ogé riwayat hirup (bio: hirup; grafi: catetan atawa tulisan). Eusina ngadadarkeun riwayat hirup hiji jalma, boh nu  jumeneng kénéh atawa nu geus maot. Ti mimiti brolna ka alam dunya, kumaha keur leutikna, kumaha sakolana, karierna, prestasina, karyana, jeung sajabana. Lalakon atawa riwayat hirup kitu téh disebutna biografi. Dina kamus basa Sunda nu ayeuna, teu kapanggih kecap biografi téh, da asalna tina basa deungeun. Biografi téh tina basa Inggris (biography) anu hartina tulisan sajarah ngeunaan hirupna hiji jalma. Biografi biasana ditulis ku batur, sedengkeun riwayat hirup anu ditulisna ku sorangan atawa ku tokohna disebut Otobiografi
Téks-téks biografi téh sok diperlukeun keur rupa- rupa kaperluan. Di antarana baé keur ngalamar pagawéan, pangéling ngéling   kana   jasa   hiji   jalma,   atawa   keur jadi dokuméntasi sajarah. Réa buku-buku biografi anu tuluy kasohor lantaran eusina ngungkabkeun gagasan, lalampahan, jeung ketak hiji inohong atawa jalma nu dianggap penting. Upamana baé biografi Mahatma Gandhi, biografi Anne Frank, biografi Ir. Sukarno, Biografi Presiden Suharto, jeung sajabana.
Unsur-unsur Biografi
Dina karangan biografi téh biasana didadarkeun kumaha lalakon hiji jalma ti lahir nepi ka kolotna. Malah réa biografi anu ditulis sanggeus jalmana maot. Di antarana anu sok diterangkeun dina biografi téh:
1.      Ngaran, lalandian, atawa jujulukna.
2.      Kalahiran jeung asal-usul kulawargana.
3.      Bentuk fisik jeung pasipatanana.
4.      Riwayat pendidikan jeung pagawéanana.
5.      Pikiran atawa gagasanana.
6.      Karya atawa hasil gawé.
7.      Prestasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarima.
(Dicutat tina Buku Pamekar Diajar Basa Sunda, pikeun murid SMA/ SMK/ MA/ MAK)


CONTO BIOGRAFI

Description: Description: E:\SMKN 3 BALEENDAH\foto Dipati Ukur.jpeg
 
DIPATI UKUR

Di awal abad ka-17, tanah Sunda aya dina jajahan Mataram minangka alatan politik invasi wilayah anu dijalankeun ku Sultan Agung (1613-1645). Sawaréh cita-cita geus dilaksanakeun, tinggal Banten anu can ditalukkeun sabab kahalang ku ayana Kompeni di Batavia. Dipati Ukur salaku wedana para bupati di daérah Priangan diparéntah pikeun mantuan nyerang pasukan Mataram ka Jakarta
Tapi dina serangan eta Dipati Ukur gagal kukituna rek dihukum pati ku karajaan Mataram, tapi Manehna kalah malik ngalawan kajeun kajadian pangperangan. Sanggeus dua satengah taun perang, Tumenggung Bahureksa junun néwak Dipati Ukur anu ceuk salah sahiji vérsi nu nyerahkeun diri lain Dipati Ukur tapi jalma kapercayaanna nu beungeutna jiga Dipati Ukur, tuluy sakabeh anu ngadukung Dipati Ukur dibawa ka Mataram. Sarebu lalaki nu ngadukung diteukteuk beuheungna, dibeuleum, digodog, sarta ditutu, sedengkeun awéwéna dijadikeun selir para priyayi. Dipati Ukur mangrupa jelema ku sarupaning mitos sarta legenda tanpa ayana kajelasan sajarahna. Tapi, nurutkeun salah sahiji sumber, lantaran teu aya kejelasan sajarah ngeunaan Dipati Ukur kusabab Dipati Ukur mangrupa salah sahiji jalma anu pang ditéanganana ku Mataram, ku alatan éta rahayat jadi sieun pikeun nyaritakeun carita Dipati Ukur sabenerna. Inohong sajarah anu jadi Bupati Ukur sarta Bupati Wedana Parahiangan sarta milu narajang dayeuh Batawi (batavia, Jakarta) dina taun 1628.
Numutkeun asal tradisi, ngaran mimitina Pangeran Cahyana nyaéta putera Sunan Cahya Luhur, cicit Sunan Jambu Karang anu ngawasa di wewengkon Banyumas. Minangka bawahan Susuhunan Mataram, manéhna ditempatkeun di wewengkon Ukur anu cikénéh dikawasa ku Mataram (1620). Di dieu manéhna nikah jeung Nyai Gedeng Ukur, puteri bupati Ukur Dipati Agung atawa cicit Raja Pakuan Pajajaran. Jadi bupati Ukur ngagantikeun mitohana anu wafat sarta ku Susuhunan Mataram diangkat jadi bupati wedana Parahiangan taun 1625, ngagantikeun bupati Sumedang Rangga Gempol (1620-1625).  Pamustunganana mayit dipati ukur sorangan diungkabkeun dina asal anu béda- béda. Anu kahiji, yén manéhna milu di téwak, saterusna dihukum pati di Mataram sarta ceuk anu séjén yén manéhna bisa kabur, saterusna nyamar minangka rahayat biasa. Nepi ka ayeuna aya sawatara tempat di Bandung anu dipercaya masarakat minangka kuburan Dipati Ukur, kawas di UjungberungCiparayBanjaran, digigireun/ sabeulah patilasan anu nyambung jeung Dipati Ukur, kawas Cibodas (Lembang), CililinGunung Lumbung.
Dicutat tina Wikipedia & Kompasiana

Pancén (jawaban dikirim ka email bapa)

1.      Saha Dipati Ukur téh ?
2.      Saha ngaran leutikna Dipati Ukur téh?
3.      Pernah dipercaya jadi Wedana dimana dipati Ukur téh ?
4.      Ngaran bapana Dipati Ukur nyaéta ?
5.      Sanggeus dua satengah taun perang, Tumenggung Bahureksa junun néwak Dipati Ukur. Harti kecap anu digaris handapan nyaéta …
6.      Nepi ka ayeuna aya sawatara tempat di Bandung anu dipercaya masarakat minangka kuburan Dipati Ukur, daérah kasebut nyaéta :
7.      Pamajikan ti Dipati ukur nyaéta :
8.      Pamustunganana mayit dipati ukur sorangan diungkabkeun dina asal anu béda-béda. Harti kecap anu digaris handapan nyaéta  :
9.      Caritakeun deui, riwayat hirup diluhur maké basa sorangan.

(haturan ieu materi & latihan pangajaran jarak jauh/PJJ ti Bapa)



Tidak ada komentar:

Posting Komentar